PIDATO PANAMPIAN TI PANGANTEN ISTRIBismillaahir rohmaanir rohiimAssalamu'alaikum Wr. Wb.Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayyidina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iinBapa …………….. miwah Ibu ………………… sinarengan para wargi anu sami kempel ayeuna di dieu, kawakilan ku …………………………….. jaler istri, nyanggakeun haturan sumping disarengan ku laksa keti kabingahan ka sadaya nu sarumping.Kawuwuh-wuwuh disarengan bari nyandak pipangantenen pameget wasta ……………………………………, anu diajeng-ajeng pisan siang kalayan wengi. Lajeng dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda, binarungan bingah amarwatasuta, bingah anu taya hinggana.Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos,...