Sabtu, 26 Februari 2011

PIDATO SEREN SUMEREN PANGANTEN PAMEGET

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.
Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun ………………………………………………. Anu wastana ………………………………… kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi ………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu …………………………………………. Ka pangersa bapa ………………………………….. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di …………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti ……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.


42 komentar:

BIMBEL CERDAS mengatakan...

haturnuhun pisan...

Unknown mengatakan...

sae.... sae pisan..hatur nuhun, diantos karya anu sanesna kanggo tiron-tironeun...

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun, sae pisan

Abah Glent mengatakan...

Nyuhunkeun widi, ngiring Kopas...!

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun kang

Unknown mengatakan...

sim kuring kantos nguping pidato seserahan panganten nu islami, contona nyukcruk galur ajaran para rosul, ngaguar ajaran al qur'an...

Unknown mengatakan...

hatur nuhun ngiring widi seja ngaji ka pangersa..mugia janten manfaat ka baraya sadaya

abdiala mengatakan...

Aduh mani wararaas kieu....sae..sae pisan...

abdiala mengatakan...

Aduh mani wararaas kieu....sae..sae pisan...

Aqiley mengatakan...

hatur nuhun pisan kang....

Unknown mengatakan...

الحمد لله بخير شكرا-شكرا

Unknown mengatakan...

sae..... pisan, nuhun widi copas,
mugia barokah kanggo wargi di perantauan

Yamilutfi mengatakan...

sae pisan, mung upm tos naek ka panggung mah nyaeta sok kmana wae . . .

Unknown mengatakan...

haturnuhun widina kanggo di emut reng sae di ucapkn . .
cing janten salahsahji jalan pinanggih kbagjaan sinareng kasalametan dunya kalayan akhiratna . .amin. .

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun. d jantnkn rujukan kua abi

Unknown mengatakan...

sae pisan, ngiring nyontek, hatur nuhun

Unknown mengatakan...

WIDI KOPAS KANG

Unknown mengatakan...

Nuhun pisan kang, abdi kabantos pisan bade seren sumeren panganten pemeget

Narzaf mengatakan...

hatur sewu nuhun

Unknown mengatakan...

SAE pisan kang, Widi kooas

Unknown mengatakan...

Mampir ke aasumfah.blogspot.co.id ya

Unknown mengatakan...

Mang taun2 dilembur batur... tapi moal hilap ka lemah cai... saatos ngaos ieu ngarenghap jero emut ka waktos, waktos nu kakantun di bumi sunda..... nuhun asa dielingan....

Unknown mengatakan...

Haturnuhun...sae

Unknown mengatakan...

Haturnuhun...sae

sofiehandicraft mengatakan...

sae pisan, mundut widi bade nganggo ieu teks..hatur nuhun..mugi janten amal sholeh...

Unknown mengatakan...

Nuhun pisan,izin bade nganggo ieu teks

Unknown mengatakan...

Kahatur kanu gaduh catur bagya kanu tos ngaguar carita..hatur nuhun kanu pihatur mudah2an manfaat kangge balare

rubakcantik mengatakan...

Hatur nuhun punten bade di anggo nyerenkeun panganten pameget

Unknown mengatakan...

Tuh genting...ari di tulis mah mni marele mulia manfaat amin

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun wae pisan

Anonim mengatakan...

hatur nhun sae...

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun sae pangersa. Di antos karya basa salajengna

Wawan mengatakan...

Sae pisan 😘

Arip Prayogie mengatakan...

hatur nuhun pisan.. manfaat pisan

Ruhyat.blog mengatakan...

Hanupis

Dede Muhamad Nasrudin mengatakan...

Haturnuhun Widi copas

Unknown mengatakan...

Mantul...kang

Unknown mengatakan...

Neda widi, seja ng copy

Unknown mengatakan...

alhamdulillah. abdi ahad enjing bade nyerenkeun panganten. hatur nuhun aya bahan. izin copas kang.

Hilman mengatakan...

ijin copas kang,, hatur nuhun sateu acan nage hehehe

Unknown mengatakan...

hatur nuhun ngabantos pisan

rohmat mengatakan...

izin copas Kang,..katampi pisan, mugia manfaat

Posting Komentar